Wb/su/Roti unyil

< Wb‎ | su
Wb > su > Roti unyil

Roti unyil nyaéta roti anu mibanda ukuran leuwih leutik tibatan roti séjén anu ilahar.[1]

Bahan-bahan edit

  1. Tipung tarigu nu luhur kadar protein, 350 gr
  2. Tipung tarigu protein sedeng, 150 gr
  3. Gula bodas, 125 gr
  4. Endog beubeureumna, 3 siki
  5. Uyah saperluna
  6. Cai, 275 ml
  7. Mantéga atawa shortening, 100 gr.[2]

Cara nyieun edit

  1. Ayak heula tariguna
  2. campurkeun gula, endog, cai, jeung uyah kana tarigu beunang ngayak
  3. Purulukan ragi instan kana adonan
  4. Galokeun adonan bari dicician cai nepikeun ka liket, kurang leuwih 10-15 menit
  5. Asupkeun mantégana bari tuluy di galokeun nepika adonan leuleus liat, kurang leuwih 5-10 menit.
  6. Tunda heula adonan nu geus leulues kurang leuwih 30 menit
  7. Timbang adonan kurang leuwih 10 gr, tuluy dijieun wujud, kumaha pangaresep
  8. Sangakan luhureun roti hérang, saméméh di oven diulasan heula maké kokoneng endog
  9. Kakara adonan di oven kurang leuwih 20-30 menit dina suhu 150° C.[2]

Rujukan edit

  1. Template:Wb/su/Cite book
  2. 2.0 2.1 Template:Wb/su/Cite book