Wb/su/Ngédit Wikipédia/Akun wiki

Wb > su > Ngédit Wikipédia > Akun wiki

1. Préferénsi edit

Préferénsi nyadiakeun pilihan kumaha cara Wikipédia midang sarta nyadiakeun sababaraha fungsi tambahan anu bisa dimangpaatkeun. Tab kahiji, profil pamaké bakal méré sababaraha émbaran dasar ngeunaan akun anjeun - geus sabaraha lila anjeun ngédit, kawenangan anu dipimilik, akun surélék, jeung cara ngaganti kecap sandi.

Sangkan ngédit leuwih gampang, aktipkeun dua setélan: make sure the following two settings are activated.

  • Pilih Titimangsa luyu jeung padumukan anjeun, ngarah teu pajeujeut lamun nempo jujutan artikel atawa mangsa éditan.
  • Tab Gawai nyadiakeun fitur lianna ngarah ngédit leuwih gampang, kaasup HotCat pikeun nambahkeun kategori.

Émbaran leuwih lengkep ngeunaan préferénsi bisa dibaca di https://su.wikipedia.org/wiki/Pitulung:Préferénsi_kuring.

2. Awaskeuneun edit

Ngawaskeun kaca hartina anjeun boga béréndélan kaca anu anjeun "ngawaskeun" parobahanana. Aya dua cara nyirian kaca awaskeuneun:

  1. Klik tanda béntang di kaca anu rék dicirian. Lamun tanda béntangna jadi paul, éta artikel geus dicirian awaskeuneun.
  2. Céntang "Awaskeun ieu kaca" nalika anjeun keur ngédit, saméméh disimpen.

Émbaran leuwih lengkep ngeunaan "Awaskeuneun" bisa dibaca di https://su.wikipedia.org/wiki/Pitulung:Awaskeuneun.