Wb/su/Ngédit Wikipédia

< Wb‎ | su
Wb > su > Ngédit Wikipédia

Nété tarajé, nincak hambalan, di Wikipedia

Nyieun akun edit

1. Léngkah pikeun nyieun akun Wiki Wikipédia téh katelah “énsiklopédi anu bisa diédit ku sasaha”. Dina prakna, kitu téh kudu muka lokana, milih éditeun, laju nyieun parobahan (baca bagbagan ngédit dina ieu manual). Ku boga akun, anjeun bisa nyieun artikel anyar, ngamuat berkas, sarta ngédit ampir kabéh artikel, kaasup anu rada dikonci (ketak anu ilaharna dipaké pikeun nyingkahan vandalismeu kana hiji artikel). Anjeun ogé bakal bisa milih kumaha midangna Wikipédia dina panyungsi anjeun, muka aksés ka parabot ngédit husus; ngawaskeun hiji artikel, sarta boga ngaran salaku kontributor petingan. Lian ti éta, akun anjeun ogé bisa dipaké di sakabéh proyék Wikimédia.

Pikeun nyieun akun Wiki, tuturkeun pituduh di handap:

  1. Buka raramatloka Wikipédia dina panyungsi anjeun - https://su.wikipedia.org.
  2. Klik tutumbu Asup log/Jieun akun di juru katuhu luhur kacana.
  3. Sanggeus asup ka kaca pormulir eusianeun, eusian data-data anu dipénta: sandiasma, kecap sandi, konfirmasi kecap sandi, alamat surélék, jeung CAPTCHA pamariksaan kaamanan.
  4. Wilujeng! Anjeun geus boga akun Wiki. Aya sababaraha tutumbu anyar anu mucunghul di luhur:
    1. Sandiasma – nutumbu ka kaca pamaké pribadi anjeun
    2. Préferénsi – pikeun setélan pilihan anjeun dina maké Wikipédia.
    3. Awaskeuneun – nyirian kaca-kaca anu ku anjeun diawaskeun parobahanana.
    4. Obrolan – nutumbu ka kaca tempat anjeun bisa nampa sarta mairan tulisan ti kontributor lian.
    5. Kontribusi – béréndélan éditan anjeun ti saprak nyieun akun.
    6. Kaluar log – tombol pikeun ninggalkeun log wiki anjeun

2. Nyieun Kaca Pamaké Kaca Pamaké téh minangka kaca pangwanoh ngeunaan diri anjeun. Teu langkung, eusina bisa panjang, bisa ogé pondok. Hadéna mah ulah midangkeun data pribadi anu henteu perlu, cukup anu umum baé.

  1. Klik tutumbu sandiasma anjeun di luhur (biasana warna beureum, nandakeun kacana kosong kénéh).
  2. Anjeun bakal asup ka kaca jeung hiji eusieun tempat anjeun ngeusian kaca pamaké anjeun. Lamun rék nutumbukeun hiji kecap/frase ka artikel di Wikipédia, paké tombol Tutumbu (gambar ranté) di luhurna, atawa dikurungan ku tanda kurung siku dua kali (jeung ). Pikeun mitembeyan, cobaan ngédit nagara asal anjeun.

Asupkeun dua baris kalimat Portal:Indonésia jeung Template:User Australia. Nu kahiji nyadiakeun tutumbu ka kaca anu nyadiakeun émbaran anu bisa ngirut kontributor Indonésia, anapon nu kadua nambahkeun kotak leutik anu nétélakeun yén anjeun ngédit ti Indonésia. Anjeun bisa mariksa parobahan anu dijieun iraha baé ku ngaklik Témbongkeun Pramidang, sarta ngaklik Simpen lamun geus siap.

Akun Wiki edit

Préferensi edit

Awaskeuneun edit

Kontribusi kuring edit

Nyieun artikel anyar edit

Ngédit artikel edit

Nempo jujutan artikel jeung malikkeun éditan edit

Format, nulis maké Wiki edit

Nambahkeun Kategori edit

Ngirimkeun artikel draf edit

Nutumbukeun: edit

Statistika: aya sabaraha nu geus ngalongok artikel anjeun? edit

Wikimedia Commons: nyimpen gambar jeung berkas edit

Tutumbu ka émbaran penting lianna edit