Wb/su/Carita Sunda Rusdi jeung Misnem

< Wb‎ | su
Wb > su > Carita Sunda Rusdi jeung Misnem

Rusdi jeung Misnem nyaeta carita anu ngagambarkeun kahirupan sapopoe barudak Sunda. Carita ieu mangrupakeun salinan tina kaca Carita Sunda Rusdi jeung Misnem (bagean kahiji) tina proyek Wikisource basa Sunda anu aya di Wikimedia Incubator keneh.

Bagian kahiji edit

Budak lintuh edit

Ka dieu, barudak!

Maranéh geus papanggih jeung Ujang Gembru?

Saha nu tacan?

Geura ilikan ieu gambarna.

Euleuh! euleuh! ... geuning lintuh naker.

Pipina mani karebi, beuteungna jemplu.

Puguh! Pang disebut Ujang Gembru ogé, da gedé beuteung.

Ari ngaran nu saenyana mah Ujang Rusdi, "Dadaharanana unggal poé béak dua kati", cek emana. Ari deungeun sangu salawasna sok méakkeun batur. Barang hakanna taya eureunna. Ti barang hudang nepi ka dug héés, sungutna teu petot-petot nyapék. Sakur kahakanan nu kapanggih dihuapkeun.

Tah kitu sababna pang lintuh teh!

Sore isuk teu aya deui gawena, ngan ulin baé di kebon.

Tuh geuning: bajuna, calanana, mani rarawig, sok tikarait kana pager.

Ku kolotna papakéanana tara pati diurus, bongan gagabah.

Omong emana, "Keun baé sugan kapokeun."

Adina edit

Maranéh meureun geus warawuh jeung adina, nu ngaran Nyi Misnem mah, nya?

Lamun paroho deui, tah geuning ieu gambarna.

Awakna Nyi Misnem henteu kawas lanceukna.

Ieu mah rada kuru meueusan. Barang daharna teu pati gembul kawas Ujang Gembru. "Dina sapoé, ngan ukur béak kejo saboboko." Ceuk indungnamah.

Capek rahimna taya usumna (Hal 11).

Lain budak gembul eta mah, nya?

Umur Misnem ngan beda dua taun jeung ujang Rusdi.

Ujang Rusdi tujuh taun, ari Nyi Misnem lima taun. Sore isuk sarua bae karesepna ngan arulin.

Misnem sok dibabawa ku lancekna ka kebon atawa dadangangan jeung batur tatanggana.

Papakeanana cara Rusdi bae, kalotor jeung saruh. Dimana digaranti bajuna atawa sampingna, ari baralik geus rarawing. Ku sabab eta indungna sok keuheuleun naker ka eta dua budak teh.

Na aya budak balageur teuing, nya euy!

Imahna edit

Pernahna imah Rusdi kira-kira saratus langkah ti hiji walungan.

Eta imah teh weuteuh keneh. Tepasna alus sarta dakurilingna disarigsig.

Geura urang ilikan.

Tah ieu buruanana. Na, aya kekembangan lalucu teuing, nya! Binihna bawa 'Pak Rusdi, basa manehna pulang ti pasar Bandung.

Geura itu tangkal jambu, buahna mani barodas. Nya ieu nu sok ditaraekan ku Rusdi jueng ku Misnem teh.

Hayu urang ka gigireun imahna! Kade etah, bisi nincak anak hayam. Eulueh-eulueh mani reundey tuh di kolong!

Tuh geuning leuitna! Gigireunana aya lisung. Misnem mindeng pisan ngajanteng di dinya lamun indungna keur 'NULU' ( hal 12) teh. Ucingna depa dina panto lueit, taksiran keur tunggu bisi aya beurit asup.

Ari itu, tuh nu di jero, kandang si Jalu nyaeta domba Rusdi, pamere bapana. Mindeng naker dibawa ulin ku Rusdi sarta sok ditumpakan sakapeungmah, bari buntutna dibebetot ku Misnem.

Ayeuna si jalu teh semu susaheun pisan, sabab dununganana euweuh, atawa...hayangeun nyatu, kitu?

Di pipir imah aya sumur. Ari itu, tuh di jero beulah ditu, pakandangan munding, nye eta sobat Rusdi nu pangbedasna. Upama Rusdi, ngadua jeung adina dina tonggongna manehna tara beurateun.

Ayeunamah hayu urang marulang bae

Engke diluhur loba deui lalakon Rusdi jeung Misnem.

Sémah edit

dina hiji poe, waktu barudak keur arulin di buruan, jol aya semah, eureun deukeut imah Rusdi.

"Misnem! Misnem! ka dieu,"ceuk Rusdi

"Aya naon, 'Di?"

"Ka dieu, 'Nem! Itu aya nu numpak kuda."

"Sahanya, 'Di?

"Nyaho, da aing mah teu wawuh," Cek Rusdi. "Euleuh-euleuh geuning ka urang!"

Tuluy barudak disampeurkeun ku nu numpak kuda teh.

Semahna turun tina kuda, bari nyalukan ka barudak, pokna, "Ka darieu ujang, Nyai, bapa jeung ema araya?

"Araya, bapa keur macul di kebon, ema keur ninun di tukang. 'Ke! Ku kuring rek dibejakeun, nya!"

Duanana lalumpatan, si Rusdi ka bapana si Misnem ka indungna.

Ti jajauhan keneh barudak geus gegeroan nyaritakeun aya semah mawa kuda.

"Saha, Jang? tembal bapana.

"Teu nyaho kuringmah, bapa! dan nanyakeun bapa geuning! Sampeurkeun bae atuh ku bapa."

"Aeh-aeh, geuning paman silaing ti dayeuh. Na silaing poho duei? kapan emang Murdiam etaeh!"

Tuluy semah diaraku ku indung bapa Rusdi.

Rusdi jeung Misnem narenjokeun ti kajauhan, teu daraekeun ngadareukeutan, da areraeun. Geus kitu, jung maranehna arindit deui ka kebon, arulin.

Marak edit

"Misnem! urang enggeusan bae kekebonan teh, " ceuk Rusdi.

"Na, enggeusan, Rusdi?"

"Urang marak anggur, nurutan bapa! (page 16)Tuh, susukan itu urang parak."

"Moal aya laukan susukan itu mah, mending susukan nu deukeut leuit," tembal Misnem.

"Hayu atuh! ambeh iuh ongkoh! Pek sia nyokot ayakanana, aing rek nyokot pacul. Tuh cokot batuna Misnem, keun mendet," Ceuk Rusdi. "Pek sia geura nyair, kade bae bisi dipatil lele. Aing rek kokodok, sugan bae meunang lauk gede, keur bapa."

Si Misnem nyair, si r(?) kokodok.

Lila pisan barang alana teh, tapi tacan meunang keuyeup2 acan, da puguh susukan leutik jeung saat.

Si Misnem gegeroan, pokna, "Rusdi! Rusdi! ka dieu! aing bantuan, ieu lauk gede, bisi leupas."

Ayakanana dikeueumkeun bae, ngadagoan si Rusdi datang.

"Keun bae ku aing dijaitna, Misnem," cek Rusdi.

Eta dua budak susurakan, aratoheun.

Barang dijait, geuning gamparan potong jeung runtah.

"Ih ari budak dusun," omong Rusdi, "gamparan2 di sebut lauk."

"Hayu, ah! urang baralik, da euweuh laukan."

Gamparanana tuluy dibalangkeun.

Si Misnem nyuhun ayakan, si Rusdi manggul pacul, nyalampeurkeun ka indungna.

"Ti marana sia, jarejeblogan," ceuk indungna. "Si goreng patut, euweuh deui gawe teh, ngan guyang jeung papanasan. Geura marandi kaditu geus burit.

Ucing Rusdi edit

Rusdi boga ucing jalu dingaranan si Candaramawat

Eta ucing asalna meunang mangging ti sisi jalan basa Rusdi balik ti pasar.

Ucing keur cineluk sisi jalan bari kabulusan.

Rusdi watireun pisan nempo anak ucing kurunyinyin teh.

Tuluy anak ucing teh dibawa diasupkeun kana kantong keresek dihijikeun jeung tahu.

Datang ka imah Misnem nu muka kantong hariweusweus.

" Rusdi, na aya anak ucing na jero kantong ? "

" Euh enya, tadi teh dibawa da watir bisi kageleng sado" tembal Rusdi.

" Enya tapi naha dihijikeun jeung tahu, jadi we beak dihakan" Misnem nganaha naha lanceukna.

Rusdi teu nembalan da rumasa salah.

Tuluy anak ucing teh dicokot, laju dikumbah dikosokan nepi ka beresih tuluy dipoe dina nyiru.

Sanggeus garing tuluy diistrika, ditilepan disimpen dina lomari.

Ti harita si Candramawat jadi pangeusi imah Rusdi.

Ka pa erte ge didaptarkeun kana kartu kulawarga.

Cilaka duanana edit

" Nem urang anyang anyangan yu" omong Rusdi

" Embung ah bosen " tembal Misnem bari muril muril kumis.

" Is lain, ieu mah anyang anyangan beda " tembal Rusdi

" Beda kumaha kang ? " Mismen nyureng

" Akang jadi salaki, Misnem jadi pamajikan " tembal Rusdi bari sura seuri teu uyahan

" Hayu atuh " Misnem haget.

Rusdi jeung Misnem tuluy ditararanyang sarta arabus ka kolong imah.

Lila pisan maranehna di kolong imah.

" Rusdi, Misnem, kamarana ? " pa Rusdi ngagero gero anakna.

Rusdi jeung Misnem tingtorojol ti kolong imah bari ditararanyang keneh.

Pa Rusdi reup geuneuk ray pias nempo anakna teu aruyahan.

Rusdi jeung Misnem disiksa ku bapana.

Ti harita Rusdi jadi pengkor, ari Misnem pecak tapak dicolok gagang sapu.

Tukang gambar edit

Sabada isa indung bapa Rusdi jeung pamanna ngawarangkong di tengah imah. Ari nu dicaritakeun taja lian, ngan kabangoran

Rusdi jeung Misněm. Eta dua Budak ngan hahah-heheh bae seuseurian. Si Rusdi gagambaran ku apu dina panto. Ari si Misněm

milang duduitan siki asěm tukangeun indungna.

Kira-kira pukul salapan barudak teh lalumpatan ka ěnggon, Tuluy harees.

Gagambaran Rusdi dina panto katenjo ku pamanna.

“Aeh-aeh si Rusdi teh kutan bisa ngagambar! Naha sok lalajo wayang? Geuning itu geus bisa ngagambar wayang!”

Tembal bapa Rusdi: “Kapan kamari ku akang tas di bawa ti nu kariaan, ari di dinya nanggap wayang.”

“Paingan atuh ari kitu mah,” Ceuk pamanna Rusdi.

“Rasa kuring ieu budak pipintěreun, da tapakna geus tembong. Geura sakolakeun bae atuh, kang!”

“Har, kapan ěnggeus dibawa ka sakola desa, tapi saur Guru, acan cukup umurna, kudu ěngke taun hareup,” tembal ‘Pa

Rusdi.

Neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng !

“Euleuh ! geuning geus peuting; Hayu urang marondok, bisi isuk kabeurangan ka sawah.”

Indung Rusdi tuluy merenkeun urutna ngaropi. Sanggeus kitu, Tuluy dug sarare, talibra pisan. Harita di imah

jěmpling tiiseun, kawas gaang katincak bae. nu kadenge sora beurit tingcaruit, tingkurutak, nareangan kahakanan.

Wangkongan paman Rusdi edit

Isuk-isuk bari ngaropi, Pa Rusdi jeung pamanna tea ngawarangkong bae di dapur, bari ngadagoan bubuy sampeu jeung sangray suuk.

“Sampeu jeung suuk teh di pilemburan mah ngan dipake deungeun ngopi bae, nya kang?” Ceuk paman Rusdi. “Ari di dajeuh mah rea rea deuipigaweeunana.”

Bulan tukang kuring tas nyaba ti Bandung,ti sobat kuring, tangkulak sampeu jeung suuk. Di Bandung mah aya hargana ieu anu di bubuy jeung di sangray teh, malah sok rajeun mahal.”

Babakuna sampeu digiling di arah acina, ari suuk dikampa diarah minyakna.

Harita kuring jangji ka sobat kuring, sarta sanggup mang nyiarkeun sampeu jeung suuk, Lamun kira – kira gĕde untungna mah. Barang ku kuring ditimbang timbang harga meuli jeung ngayual teh, bĕt nikĕl hasilna. Ku sabab eta ajeuna kuring sakalian bae rek balangsiar.”

“Ih, akang oge boga sampeu sampeu bae mah,”tembal ‘Pa Rusdi ” di Pasirlangu sampeuna aya opat bau, di Pasirmuncang suuk aya tilu bau. Kira-kira mahal hargana mah, nu akang ‘ge rek dijual, geura hayu urang ilikan ka kebon.”

Bral Pa Rusdi jeung adina, malah si Rusdi jeung Misnĕm oge marilu.Sajalan-jalan teu eureun eureun nyarita hal sampeu jeung suuk.

” Bapa, bapa! Sampeu kuring mah moal dijual. Lamun teu payu satangkal sapeser mah,” Ceuk barudak teh. “jeung ulah dijual kabeh atuh, bisi euweuh bubuyeun keur urang.”

Di kebon Pa Rusdi edit

”Aeh-aeh! kutan kang Lurah Pareman teh beunghar, kebon sampeu mani satungtung deuleu, kebon suuk pirang luwuk. Ieu, lamun diduitkeun teh aya ratus perakna, kang!:” Ceuk paman Rusdi.

“Ajeuna,keun bae ku kuring urang jual, asal puguh hasilna bae, akang tampi laladangna.”

“Ih sukur ari sanggup kitu mah,” tembal pak Rusdi ka adina. Hayu urang badami bari ngiuhan di saung.

Cik Rusdi ngarabut sampeu satangkal pek bubuy, Tuh diditu dina durukan.”

Bari ngiuhan di saung, paman Rusdi nyaritakeun deui panggilingan sampeu jeung ngampa suuk.

Kieu caritaannana:

“Sampeu teh saanggeusna digiling atawa diparud pek digalĕjan sarta dicaian sameujeuhna. Ti dinya tuluy dipĕrĕs bari disaring, ari geus beunang nyaring ditampĕrkeun dina sababaraha bak, diarah acina. Ari hampasna atawa onggokna,eta oge dijualkeun. Di Bandung onggok tuhur payu lima welas kĕtip sapikul. Dĕmi acina dikirimkeun ka nagara nagara sabrang sarta hargana mahal.

Prak-prakanana di panggilingan, kuring hĕnteu pati tĕrang bĕnĕr, da geuning rea nakĕr parabotna teh. Mangga ĕngke bae ari sĕnang sĕnang, urang angkat kaditu, ambeh uninga aturanana ongkoh. Upami suuk dikampa, diarah minyakna, babakuna ku urang ciateul di kota Bandung. Ieu oge, prak-prakannana njieun minyak kawas moal pati tĕrang dicaritakeun ku kuring utuh, Langkung sae ĕngke bae ari ka Bandungtea. urang sakalian ka pangampaan suuk. Ari mulih ti pangampaan urang ngagaleuh gĕblég sarĕng oncom.”

“Gĕblégna keur parab lauk dibalong urang.” Ceuk Misnĕm.

”Heueuh Nĕm, tapi oncomna mahkeur aing!”

Keur waktu barudak ngaromong kitu,geus mĕndung pihujaneun.

”Hayu!” Ceuk pamanna, ”urang baralik, bisi hujan.”

Gelap edit

Kira – kira wanci bĕdug, nu ti karebon tea geus daratang ka lembur, barang gek pisan di tĕpas imahna, cur bae hujan, gĕlap dor-dar taya eureunna.

barudak lalumpatan ka imah, nyumput bari nyocokan ceuli sarta gĕgĕroan ” Sieun gĕlap! Sieun gĕlap! “

hujanna teu lila raat, ngankari ngĕprul kawas ibun, tapi gĕlap mah anggĕr, dor-dar matak kĕtir keneh bae.

”Leuh! Hadean bae urang geus nĕpi ka imah, coba lamun diditu keneh mah, keueung tĕmĕn kainggis teh bĕlĕdag dibentar gĕlap,” omong Pa Rusdi.

Barang keur ngomong kitu, burinyaj, burinyaj, bĕlĕdag, jĕlĕgér, deukeut pisan sorana teh. “Moal salah tangtu aja nu dibĕntar gĕlap, euj! Tah geuning aja anu jĕjĕritan, gĕgĕroan”.

Barang turun, katarenjoeun, jelĕma rame tinggarĕro “kahuruan! kahuruan! kahuruan!”

Pa Rusdi jeung adina lalumpatan,rek milu mareuman seuneu.

Si Rusdi jeung si Misnĕm gĕgĕroan ka indungna, ” Tulung! Tulung! ” bari ceurik rawah riwih, ” kuring sieun kabeuleum! Sieun dibentar gĕlap!”

Ari si Misnĕm lulumpatan, Tuluy njoempoet ka kolong.

“Ka darieu barudak! Montong sieun-sieun, kapan aja ĕma didieu,” Omong indungna. Tapi si Misnĕm cicing bae di kolong, ari Rusdi ngadĕdĕmpĕs di para.

Kahuruan edit

Barang Pa Rusdi jeung adina nĕpi kanu kahuruan tea, jĕlĕma nu nulungan tacan pati loba, seuneuna keur meujeuhna muntab-muntab tingbalĕlĕtok, tingbalĕlĕdug sora awi anu bararitu.

Nu ceurik rawah-riwih, awewe patingjerewet bari ngariringkik, barudak lalumpatan ngaler ngidul, aki-aki nini-nini digarandong ku anak incuna, nyaringkahan seuneu hurung.

Jĕlĕma-jĕlĕma narulunganana teu puguh cabak, lantaran kasima ku seuneu sakitu gĕdena. Silalatu tingbĕlĕwĕr,tingbĕlĕsat kawas aja nu ngalung-ngalungkeun bae. Malah tepi deui ka imah sejen, atuh beuki nambah gĕde bae seuneuna teh.

Jĕlĕma-jelĕma, aja nu ngĕprakan ku gantar, ngalung-ngalungkeun gĕbog kana seuneu jeung ngabanjuran ku cai tina lodong.

Di suhunan-suhunan imah reuteum nu marawa eunteung jeung kĕris, ditojokeun kana seuneu. Anu sawareh deui tumbak diacung-acungkeun. Pokna jelĕma jelĕma eta teh panjinglar seuneu.

Keur sakitu ributna kabĕnĕran gĕr deui hujan lewih gĕde batan tadi.

Seuneu nu nguntab tea ngadakngadak pĕs pareum. Nu narulungan tuluy baralik ka saimah-imahna.

Anu taringgal di dinya ngan kari nu boga imah jeung tatangga-tatangga nu dareukeut, marantuan meres-mereskeun barang nu teu kahuruan.

cik, barudak, mana nu panghadena baris mareuman kahuruan teh, ku cai, atawa ku eunteung, atawa ku kĕris jeung panjinglar nu sejen?

Ulin edit

Isuk-isuk keneh Bakri jeung jahri geus tingkurumuj handapeun tangkal limus mulungan buah nu ragrag atawa urut kalong. Barang geus mareunang buah, tuluy arulin.

“urang nyampeur Ujang Rusdi heula, joe! sugan aja keneh di imahna,” omong nu saurang.

Ti kajauhan keneh eta barudak geus gĕgĕroan, nyalukan Rusdi.

” jang Oedi….! jang Oedi…! Kamana jang Rusdi teh?”

” sugan geus nyaba, euj!” Ceuk nu saurang deui.

” cik calukan sakali deui, Kri!”

” jang Rusdi…..! jang Gembroe….!”

” Eueueueuj ieu euj dewek teh,” tembal Rusdi.

” Keur naon, jang di hawoe?”

” Keur siduru, euj. Tiris, bari nungguan bubuy sampeu. Ke urang jait heula sampeuna nya! Moebujna opat sagĕde gĕde leungeun silaing. Hajang Kri?”

” Puguh bae, jang, hajang mah.”

” Kop tah hiji. Sapotong sewang jeung jahri. Ieu nu tilu keur dewek sorangan.”

“ Aeh-aeh, na beak tilu lonjor ku sorangan?: Ceuk jahri.

” Puguh bae, malah kurang keneh sakieu mah,” tembal Rusdi.

” Na, ari silaing gembul teuing, Di?”

“ Iih, lain gembul, euj. Beuki barang hakan ari kitu mah.”

” Paingan sakitu gembruna,”omong Bakri.

Rusdi nembal ka baturna ” Na,mĕnding mana, bĕgang kawas silaing jeung gĕmbroe kawas dewek?”

” nya, teuing atuh,” tembal Bakri ” Hayu euj, jeung cicing bae di hawoe mah mĕnding arulin. Da siduru teh matak rea pare, Ceuk kolot oge. Ka mana ulinna, euj?” jawab Rusdi ” urang kokoleceran, joe! Meungpeung gĕde anginna.”

” kumaha dewek mah teu boga kolecerna,” tembal Bakri.

” Dewek ge teu boga,” omong jahri

” Ka mana ateuh ulinna, euj?”

“ urang titimplukan bae hayu, sisi cigĕde, meungpeung rea keusik keur gogorolonganana,” Ceuk Rusdi.

” Hayu atuh.”

Barang barudak lalaki keur ngomong kitu, kadengeeun ku si Misnĕm. Misnĕm lumpat nyampeurkeun bari gĕgĕroan ” kuring milu,Kaka Rusdi!”

” Ah, montong sia mah awewe,”tembal Rusdi. Misnĕm njĕntak ka Rusdi, “Na ari awewe ulah ulin?”

“ Pek rek milu mah, tapi ngajak batur sia heula, awewe deui!” Ceuk Rusdi. Brul barudak teh, awewe lalaki ngaleut ka sisi cai.

Titimplukan edit

Barang geus deukeut ka sisi walungan, barudak lalumpatan, paheula-heula datang ka sisi cai. barudak awewe katinggaleun, tingjarĕrit menta didagoan.

Rusdi gĕgĕroan ” Kop jurig cai, pĕgat budak awewe!” barudak awewe beuki tarik galĕgĕroanana. ” Tulung! Lalaki, Tulung! Aja nu ngudag pandeuri!”

” Kop bae, lĕbok,” Ceuk budak lalaki teh. Teu lila barudak geus nĕpi ka sisi cai.

” urang mandi heula,” Ceuk Bakri.

” Ah, ĕngke bae tas ulin!” omong nu saurang deui.

“ ulin naon, tadi teh Rusdi?” Ceuk jahri.

” Apan titimplukan, euj!” tembal Rusdi.

” kumaha titimplukan teh? Ngaranna ge kakara ngadenge dewek mah. ulin model mana eta?”

“ Model dewek bae,” Ceuk Rusdi. ”Bareto nenjo barudak urang lembur cigentur, arulinna kitu.”

” Na kumaha pĕtana, Di?”

” Heug ĕngke ku dewek dipapatahan.”

” Lĕbah dieu silaing njieun gugunungan ku keusik, sing luhur, lebah ditu silaing njieun hiji deui. Dewek rek njieun bobolaanana,adukeuneun.”

Si Rusdi Njieun bobolaan ku keusik sagĕde-gĕde hulu. Bakri jeung jahri nyarieun gugunungan.

Misnĕm jeung barudak awewe nu sejen marulungan harĕmis, keur duduitan.

Ceuk Rusdi, ”Hayu urang titimplukan teh, tah bolana hiji sewang, meunang mangnjieunan dewek.

Barawa ku silaing hiji sewang, ka luhur gugunungan. Ti luhur, ku sarilaing gorolongkeun, sina diadu, saha-saha nu peuraj bolana, eta nu eleh.

Dewek nu nyaksian dihandap, ĕngke saha-saha nu peuraj bolana, eta nu giliran jadi saksi. Kaharti?”

” Puguh bae euj, Hayu atuh!”

Pek barudak teh arulin, pilih gĕnti nu naraek jeung nu jadi saksi.

barudak awewe lalajo bari njurakan nu peuraj bolana.

Barang keur rame-rame arulin, ger caah gĕde nakĕr teu kanyahoan lĕbna. barudak lalumpatan, paheula-heula ka darat. Gugunungan pasir tea beak kabawa caah.

” Hayu urang baralik, bisi dicarekan ku ĕma.” Brul barudak teh baralik, ajang ajang gung, bari kakawihan, kieu kawihna:

Ajang – ajang gung, gung,

Gung goongna rame, me,

Menak Ki Mas Tanu, nu

Nu jadi wadana, na

Naha mana kitu, tu

Tukang olo olo, lo

Loba anu giruk,ruk

Ruket jeung kompeni, ni

Niat jadi pangkat, kat

Katon kagorengan, ngan

Ngantos kanjeng dalĕm, lĕm

Lĕmpa, lĕmpi, lĕmpong!

Ngadu pipi jeung nu ompong.

Dongéng paman edit

Rusdi, Misnĕm jeung pamanna, sanggeus daladaharan sore,gek dariuk di tĕpas hareup. “kumaha dongeng buhaja teh, mang?” Ceuk Rusdi.”cing mangga geura carioskeun, kuring hajang tĕrang!”

“Jeuh, kieu geura” Ceuk pamanna, “pek darengekeun!”

Rusdi jeung Misnĕm beuki dareukeutan bae dariuknaka pamanna, malah Misnĕm mah nĕpi ka menta dilahun.

“Taun katukang ĕmang nyaba ka pakidulan tanah Priangan, waktu njiar barang dagangan. Dina hiji poe nĕpi ka sisi walungan nu rea buhajana. Sawareh ngadarakom marojan dina keusik. Sawareh aja nu teuteuleuman, ngan katembong gubar-geborna bae. Harita ĕmang teu wani deukeut ka sisi cai, da sieun ku sakadang-sakadang nu sakitu gĕdena, nĕpi ka rek nincak sasak oge teu wani, da sieun dioedag.

Keur waktu ĕmang leumpang, di beulah girang aja awewe ngelek boboko kasisi cai. ku ĕmang teu di geureuh-geureuh, da mana kitu oge biasana, teu sieun ku buhaja. Eta awewe tea gog nagog dina batu bari ngisikan. Sihoreng gigireun batu aja buhaja gĕde pisan, keur galasar gulusur mojan. ku eta awewe tea rupa-rupana teu kanyahoan. Nu ngisikan tea ongkoh-ongkoh bae. buhaja tea ti tukangeunana ngadodoho newak sukuna. Barang gĕp digegel, awewe teh gĕgĕroan menta tulung. Kabĕnĕran aja budak nu nyahoeun, Tuluy manehna lumpat bebeja kakolot-kolot di lembur eta. jĕlĕma-jĕlĕma ti lembur ngabrul sapakarangna, rek nulungan eta awewe tea. Tapi daratangna ĕlat teuing, awewe teh geus teu aja, digusur buhaja ka jero leuwi, ngan kari beasna bae awur-awuran luhureun batu.

Jĕlĕma nu rek narulungan, rupa-rupana geus teu sieun deui ku buhaja teh, brus bae taluturubun kana leuwi. Lĕp manehna nareangan awewe tea. Tapi weleh hĕnteu kapanggih, taksiran geus digusur ka leuwi sejen. buhaja nu aja dina eta leuwi kawasna ngan hiji-hijina, dabuktina teu tembong deui nu sejen.”

“kumaha ari ĕmang milu mantuan neangan?” Ceuk Rusdi.

“Atuh puguh bae!” tembal pamanna “Sieun oge ngawajahnakeun maneh bae, da kolot budak urang urang dinya geuning crab croeb alancroeb ka leuwi.

Jĕlĕma kabeh geus haranyat ti walungan tuluy baralik, malah sawareh mah aja nu ceurik aluk-alukan, taksiran baraja-barajana jeung anak-anakna”

“Lah matak karoĕnya nya, mang” Ceuk Misnĕm, bari baragadag birigidig ngomongna.

“Hadean bae di lembur urang mah euweuh sato kitu, nya mang!” omong Rusdi.”Meureun oeing moal wani ulin jauh, da sieun dihakan buhaja”.

Buhaya edit

“Mang!” Ceuk Rusdi, “siga naon ari buhaya teh, cara gurame cecepetan?”

“Hih, lain” jawab pamanna, ieu mah buntutna panyang jeung reregean. Ari rupana siga bayawak, tapi gĕde”

“Bayawak?” Ceuk Rusdi, nu sok ngahakanan lauk di balong urang?”

“Ĕnya!” Jawab pamanna, “malah lamun gĕde mah meh ceples, teu kapiceun sasieur-sieur acan.”

Ari cicingna biasana ngabubuhan dimuara-muara walungan, sabab di dinya sok loba kahakanan nu kabawa palid. Kakapeungan maranehannana unggah oge ka darat, ngadon moyan atawa ngĕndog. Ari ngĕndogna teu nungtut hiji-hiji seperti hayam, ieu mah disakalikeun bae dina logak, reana dua puluh nĕpi ka saratus siki”

“Ngeunah ari ĕndog buhaya, mang?” Ceuk Rusdi.

Ah teu nyaho” dijawab pamanna, da tacan ngasaan. Ceuk nu beukieun mah,meureun ngeunah.”

“Naha eta buhaja teh tara eungapeun, salawasna cicing di jero cai bae,mang?” omong Misnĕm, ongkoh lain lauk eta mah”

“Hĕnteu, da geus tuman” jawab pamanna, jeung deui upama manehna teuleum, irungna jeung ceulina di pĕpĕtan ku lamad, supaja ulah kaasupan cai. upama njeunghap, kakara eta lamad teh dibuka deui.”

“Mang!, Ceuk Rusdi, naon sababna jĕlĕma sok aja nu disebutbuhaja?”

“Euh. Eta jĕlĕma nu kitu kalakuanana cara buhaja tea, nyaeta jĕlĕma jahat.Geuning buhaya sakitu ngaruksakna ka jĕlĕma.”

“kumaha, mang kulit buhaya teh leueur cara bĕlut?” Ceuk Rusdi.

“Hih, hĕnteu. Ieu mah karadak sarta kandĕl”

“Na ĕnya cimata buhaya sok dipake jimat, mang? Ceuk Rusdi.

“Ih, ulah percaya” jawab pamanna, eta kaomongan jĕlĕma bae, da saĕnyana mah hĕnteu. Geura ĕmang rek nyaritakeun lalampahan hiji budak, ngaranna Sarjan.

Manehna sakolana geus dua tahun, tapi kakara kelas hiji,sabab ngĕdul tara daek ngapalkeun. ku hal eta, ku guru-guruna sok rĕmĕn diseuseul, malah sakapeung mah disĕtrap. Eta budak geus ngadenge beja, jen bapana boga jimat, cimata buhaya, khasiatna matak diasih ku sagala jĕlĕma. Isuk-isuk, waktu bapana ka cai jeung indungna keur ngisikan, karayap manehna ka ĕnggon bapana, bari cungas cingeus, rek nyokot jimat.

Sanggeus kapanggih, jut turun ti imah, los ka iskola sarta ngomong di jero atina: “Ah, sageuj, juragan guru teh teu asiheun ajeuna mah ka aing”.

Saĕntasna ditongtrongan, bus asup ka iskola sarta gek diuk dina bangku tĕmpatna. Leungeunna teu reureuh rumpu rampa kana sukuna, da sieun jimatna leungit. “Sarjan!”, Ceuk guruna, “kumaha raraban teh, apal?”

Sarjan ngabĕtĕm bae, teu lemek teu nyarek da geus rumasa teu ngapalkeun. Guruna bĕndu, sarta Sarjan waktu bĕrĕnti teu meunang bijil. Manehna ngomong di jero atina “Beh na mah jimat teh euweuh gawean da dicarekan mah teu burung.”

Ti waktu harita kakara eta budak teh gĕtol sarta teu mangkuk saminggu kacida nakĕr dipikanyaah ku guruna.”

Budak ragrag edit

Si Juned babaturan Rusdi teuing ku bangor.

Sapopuna ngan pulang paling ti kebon batur.

Poe juma'ah isuk isuk Juned ngajak Rusdi maling limus ti kebon mang Atang di landeuh.

Mimitina Rusdi embungeun, tapi sanggeus Juned ngamang ngamang bedog Rusdi daekeun.

Terekel Juned naek, ari Rusdi ngadagoan di handap bari ngaloco.

Barang geus di luhur, aya lini gede pisan.

Juned muntang kana dahan nu emplad empladan, tapi dahan tuluy semplak.

Koleang Juned ragrag, gebut ninggang batu nepi ka beulah.

Juned kokosehan bari tarangna bancunur sadege bal basket.

Benjol na tarang Juned ku Rusdi rek diubaran, tapi teu nyaho kudu kumaha.

Lahlahan eta benjol diturih ku bedog.

Tapi aneh pisan, tina tapak nurih bet kaluar jus limus.

Rupana wae saacan ragrag si Juned yeh ngaremus limus aya kana genepna.

Kulantaran can turun kana beuteung da kaburu ragrag tea, nya tuluy ngumpul na sirah.

Caah edit

Unggal-unggal taun tangtu urang manggih waktu ngijih. Lembur-lembur nu sisi walungan, Lamun ngijihna tea, sok rajeun kajaahan. Lamun caahna gĕde, caina sok rajeun limpas ka darat.

Ari lembr Rusdi pernahna di sisi walungan. Dina hiji poe, basa hujan gĕde, kabeh walungan-walungan, susukan-susukan caraah. Sawah-sawah, balong-balong kakeueum, malah rea pisan sasak-sasak nu paralid.

Caina walungan-walungan wani leber, rea nakĕr tatangkalan nu galede paralid kabawa caah. Hateup eurih wani meh mĕndĕt dina walungan kawas-kawasna aja imah atawa saung kabawa palid. Tukangeun eta ngabugigag bangke ĕmbe jeung bangke munding, ari bangke hayam mah teu kabilang deui, tina bawaning ku rea.

Caahna teu lila orot, tatangkalan nyarangsang sisi walungan. Kolot-kolot pahibut ngaradekan rangrang keur suluh. Sawareh tingkalacebur nararikan kai ti tengah cai, da nu di darat mah beakeun ku batur.

Rusdi jeung batur-baturna oge aya di dinya. Tapi ngan narenjokeun ti kajauhan bae, da sarieuneun kabawa palid. Ti susukan leutik maranehannana manggih lauk, taksiran bae anu kalimpaskeun ku caah tea.

Barang geus beak alaeunana, ngabrul baralik ti cai, ngaleut marawa beubeunangannana. Sapanyang jalan rame nu saleuseurian salusurakan tina rea babawaanana.

Eta jĕlĕma ngomong kieu ” Lah, hajang teh unggal poe caah kawas tadi, ambeh teu susah ku lauk jeung teu susah ku suluh”

Tembal baturna nu sejen :”Ih, untung soteh urang, da ari batur mah rugi kajaahan. Kebonna jeung pĕpĕlakanana lebur, imahna jeung parabotanana ruksak, malah sakapeung mah aja oge jĕlĕma paeh kabawa palid.”

Carita Pa Rusdi edit

Barang datang ka imah, Rusdi nanya ka bapana, “Bapa! Remen caah kawas kitu téh?” Jawab bapana, “Puguh éta mah, ujang, atuh lain caah gedé. Baheula, keur waktu sia leutik kénéh, imah téh kapan lain di dieu, di ditu, deukeut pisan ka walungan.

Ieu, nu ieu mah anyar, da nu heubeul mah kapan beak, kabawa cai.

Harita, waktu caah gedé téa lantaran gunung Papandajan bitu, euleuh, aja ribut! Bapa ngagandong sia, ĕma ngagandong si Misnĕm, lumpat ti imah satakĕr tanaga. Hadéna baé, barang geus nĕpi ka Pasirmuncang, caina kakara lĕb ka imah. Teu lila imah runtuh, jeung kabawa palid. Kandang-kandang munding kabéh kabawa, sasatoan teu hiji-hiji acan nu kapuluk.

Bapa, ĕma, sia jeung si Misnĕm meunang dua poé dua peuting cicing di pasir, ngarĕrĕb di saung leutik.

Barang caah geus saat, kakara turun deui ka lembur; ari nyampak, geus teu imah, teu naon, teu naon-naon da kabéh kabawa caah. Balong kabéh barĕdah, papakéan teu saciwit-ciwit acan; baranghakan sapanggihna, héés salungkar-salingkĕr di saung batur. Waktu caah harita, lain imah urang baé nu palid téh, Najan kabéh imah batur ogé paralid. Sabulan ti sanggeus caah, ramé ngaradĕgkeun deui imah, rada béh pasir nu jauh ti sisi walungan.

Tah imah ieu nu anyar diadegkeun téh, meunang kukumpul jujualan pare jeung barang nu di pihapékeun di aki sia, di gunung. Hadéna baé caah ayeuna mah teu gedé cara baheula.

Lamun caah gedé, sia rék kamana nya lumpat?”

Témbal Rusdi: “Ah, rék ménta digandong baé ku bapa, da bapa mah jangkung, moal ĕnya kacaahan. Bapa kabawa palid kajeun, da kuring mah digandong. Si Misnĕm meureun diais ku ĕma, imah urang moal ĕnya kabawa palid, da gedé.

Tapi ari hadena mah ulah caah deui da kuring sok reuwas.”

Pileuleuyan edit

Geus meunang dua minggu Murdiam nganyang di kolot Rusdi. Unggal-unggal poé nyaba nénjoan kebon-kebon jeung palawija urang lembur. Di dinya manéhna meulian sampeu jeung suuk,jualeun deui di dayeuh. Malah Pa Rusdi ogé ngajual ti kebonna. Tapi bubuyeun Rusdi jeung Misnĕm mah teu kurang, aya kénéh dua tilu bau deui mah.

Sakali mangsa, barang Rusdi jeung Misnĕm harudang, isuk-isuk, di buruan geus aya kuda meunang nyelaan, tumpakaneun pamanna sabab rék mulang.

“Mang, naha bĕt geus rék balik?”cék Rusdi, “kapan kakara ogé sakeudeung di dieu téh. Meureun nineung tĕmĕn, ‘mang, kuring engké, jeung moal aja nu mangdongéngkeun ka kuring .”

“Hih, Oedi, moal lila ogé ĕmang balik deui. Doakeun baé sing salamet, ambéh urang bisa ulin deui kawas baréto.

Ajeuna ĕmang kapan geus opat welas poé di dieu téh, kumaha da mĕlang ku embina di lembur.”

Misnĕm gawéna cicing baé, teu lémék teu nyarék, diuk gigireun pamanna, sĕmoe ngujung.

“Ah, ulah dipaké ngujung, Inem,” cék pamanna. “Engké mun ĕmang balik deui, rék barang kirim. Cing hajang dikirim naon?”

“Mang, kuring mah hayang roti kukudaan, sisir pinti, jeung sabun seungit,” tjék Misnĕm.

“Heug, engké ku ĕmang dikirim. Ĕmang ayeuna rek bébérés heula.”

Teu lila geus bérés Tuluy dalahar. Sabot dahar, Rusdi mah teu milu nyarita, ngan ngahantĕm nĕtĕg beuteung baé, da bisi béakeun ku si Misnĕm.

Sanggeus réngsé daladaharanana, Tuluy tarurun. Rusdi jeung Misnĕm maruntang kana leungeun pamanna, sabeulah séwang. Clak paman Rusdi mancal kuda. kudana nereleng.

“Wah, mamang mah moal ragrag, da geus tuman,” tjék Rusdi.

Tuluy indit.

“Pileuleuyan baé ‘mang,” tjék Rusdi,”jeung roti keur Misnĕm téa, ulah poho, nya!”

Kakariaanan edit

Indung bapa Rusdi saméméh arindit ka pasar, ngomong ka anakna: “Barudak, sia montong marilu ka pasar, da ĕma ogé moal lila. Ĕngké ti pasar dikirim kahakanan jeung cocooan. Caricing baé sia di dieu, tungguan imah.”

“Heug!” témbal barudak téh.

Indung bapana jung arindit kapasar.

Rusdi jeung Misnĕm arulin di tĕpas.

Teu lila jol batur ulinna, si Ramlan jeung si Iti.

“Keur naraon, euj?” ceuk Iti.

“Keur ulin baé,” témbal si Misnĕm.

“‘Nĕm! urang ulin hayu, kasawah,” ceuk Iti.

“Ah embung,” témbal si Misnĕm.”da aing mah dititah tunggu imah ku ĕma.”

“Na ka mana indung sia, ‘Nĕm?”

“Keur ka pasar, ‘ti, malah jeungbapa ka pasarna. Di dieu baé atuh ulinna Iti! Ĕngké ari ku ĕma dikirim naon-naon tipasar, sia dibéré ku aing.”

“Seug!” témbal si Iti.

“urang kakariaanan hayu,” ceuksi Misnĕm.

“Pék, ke aing ngala daun nangkana, keur sigĕr jeung beubeurna,” omong Rusdi. “Si Ramlan sina njieun papajanganana ku dangdaunan.”

Si Rusdi njieun sigĕr geus anggeus, make rarawis ku kĕkĕmbangan.

“Tah deuleu, barudak, geus anggeus sigĕr téh; pék sia panganténna, Misnĕm.”

Si Misnĕm geus didangdanan, disigĕrandaun nangka, beubeurna daun nangka, dijieun kawas panganten, ari kongkorongna kĕkĕmbangan.

Beunang ngadangdanan, tuluy brul diiring-iringkeun. Tatabeuhanana batok, kaléng jeung awi ditakolan. Barudak tatanggana daratang ngarilu ulin. Atuh ramé baé arulinna salusurakan.

Sanggeus iring-iringan ngurilingan imah, gék panganténna didiukkeun dina papajangan téa.

Keur ramé-ramé arulin, jol indungbapa Rusdi daratang ti pasar.

“Tah geuning barudak téh balageur,” ceuk indung Rusdi. “Top ieu kahakanan geura saridĕkah.”

Barudak ngariung, baranghakan.

Sanggeus barang hakan, tuluy baralik ka saimah-imahna.

Ka ondangan edit

Di pipir imah Rusdi ngagunduk sababaraha tanggungan suluh. Cau asak ngagantung sababaraha turuy.

“Bapa! Cau jeung suluh keurka mana éta téh, réa-réa teuing?” ceuk Rusdi.

“Kapan keur nyambungan ka juragan Camat, rék kariaan nyepitan putrana. Na’ sia teu nyaho? Bapa jeung ĕma isukan rék ka ondangan ka kacamatan,” témbal bapana. “Sia jeung si Misnĕm mah caricing baé di imah, ulah marilu da jauh.”

“Wah, teu umum baé barudak ditinggalkeun di imah!” omong indung Rusdi.

Si Rusdi atoheun pisan ngadéngéomong indungna kitu.

Isukna jĕlĕma-jĕlĕma nu pinanggungeun keur nyambungan téa geus ngagimbung di pipir. Aja nu nanggung suluh, nanggung cau, nanggung sumbul, nanggung daun jeung dua tilun oe nungtun ĕmbé.

Barang geus sadia, brul aleutan tanggungan téa diiringkeun ku Rusdi, tumpak kuda ngadua jeung bapana. Si Misnĕm jeung indungna ditandu.

Kira-kira wanci bedug aleutan bapa Rusdi nĕpi ka kaca-kaca Kacamatan. Di dinya Rusdi kacida pisan kagéteunana nénjo jalma ratus-ratus, balawiri ka dieu ka ditu. Babakuna nu keur arakut-akut jeung balébérés di balandongan.

Rusdi jeung Misnĕm silih toél, sagala ditunjuk, sagala ditanyakeun ka bapana. Rupa-rupana Saumur kakara nénjo nu aranéh-anéh sumawonna barang nĕpi ka pipir balandongan mah, beuki rundag-randeg baé leumpangna. Matana barudak teu ngiceup-ngiceup.

Indung bapa Rusdi tuluy ngahaturkeun panyambunganana ka juragan istri. Sanggeus disuguhan dahar leueut, tuluy arunjukan, rék mihapékeun heula barudak ka pondokna.

Barang datang ka pamondokan, Rusdi nanya ka bapana: “Bapa, keur naon saung nu gedé tadi téh, naha dibalaan ku daun caringin?”

Témbal bapana: ”Éta ngaranna balandongan, kapan keur ĕngké sore rék pésta di dinya. Hayu, ĕngké urang lalajo jeung si Misnĕm ka ditu, nya! Tapi ajeuna caricing baé didieu, tuh arulin jeung barudak. Bapa jeung ĕma rék digawé heula di kacamatan.”

Pa Rusdi di kacamatan edit

Poe Rebo Pa Rusdi diogan ka kacamatan rek milu kumpulan.

Ti poe Ahad keneh pa Rusdi geus saged dangdan ginding naker.

Bajuna make batik dirangkepan ku jas, jasna diasupkeun kana jeroeun sarung poleng.

Beuheungna make dasi panyang jeung dasi kukupu dihijikeun jeung kongkorong.

Sirahna make kopeah dirangkep ku iket barangbang semplak sarta make topi laken.

Kacamata hideung sabeulah bodas sabeulah, ari kahandapna make sapatu bot jenggel meunang nginjeum ti

mang Opang kulisi desa.

Orokaya tilu peuting pa Rusdi teu ngeunah sare da dangdangan mani kawas bangbarongan.

Poe Rebona rebun rebun keneh pa Rusdi geus indit numpak sapedah didorong ku tiluan.

Datang ka kacamatan wanci asar.

Puguh sarerea geus baralik.

Bakat ku era pa Rusdi teu balik deui ka lembur.

Cek beja tuluy jadi nu gelo di kota.

Pésta edit

Wanci asar indung bapa Rusdi maroedang ti pagaweanana ka pondok. Rusdi jeung Misnĕm kasampak arulin keneh.

“Udi! Inĕm! Geura marandi, geus burit. Kapan rek lalajo pesta. Sanggeus marandi tuluy darangdan.”

Dur magrib, jĕlĕma geus heurinusik di alun alun, nu lalajo jeung nu daragang. Lampu-lampu di balandongan raang, caang kawas ti beurang bae. Ondangan-ondangan geus ngaberes, tatabeuhan geus gang-ging-gung.

Kira-kira pukul dalapan, beledung, borobot, pepetasan diseungeut hareupan balandongan, ditumbu ku kembang api. Rusdi jeung Misnĕm olohok bae bari muntang ka indung bapana. Maranehna karageteun, nenjo aja seuneu rupa-rupa, hejo, koneng, jeung beureum, tingbelewer di luhur, tingberebĕt, tingbeledog kawas nu kahuroean bae.

Barang kembang api geus beak,bring ngamimitian pesta, ngibingkeun panganten sepitaneun tea. Kapeutingnakeun ditumbu ku menak-menak jeung ondangan-ondangan nu sejen, ngabring. Bapa Rusdi oge milu kana najoeban. Rusdi jeung Misnĕm andeprok dariuk deukeut panajagan.

Ti sore tepi ka isuk taja eureunna susurakan, agĕr-agĕran nu seuseurian. jĕlĕma-jĕlĕma nu lalajo beuki peuting, beuki pinuh bae. Kolot budak, awewe lalaki, heurin sakuriling-kuriling balandongan.

Wanci subuh jĕlĕma-jĕlĕma nulalajo geus baralik, tapi ĕngkena, dimana geus beurang taksiran baralik deuika alun-alun, sabab rek raramean deui maen rebutan, nanggap ogel jeung rupa-rupa deui pamaenan lian ti eta.

Pésta ti beurang edit

Karasmenan keur pesta ti beurang, di alun-alun geus dialur tangkal jambe beunang ngabalur ku gajih. Di luhurna digantungan rupa-rupa kahakanan. Jajangkungan, maen colok, ngadu domba, maen calung, jeung tatabeuhan geus ngajajar: ogel, badud, kĕndang pĕnca jeung buncis.

Nu lalajo geus ngabrul deui.

Si Rusdi jeung Misnĕm kubapana dipĕrnahkeun di kolong papanggungan menak-menak, ditungguan ku indungna, da bapa Rusdi mah milu cakah-cikih, nguruskeun karesmenan.

Barang menak-menak geus kumpuldi papanggungan, gĕr pamaenan ngamimitian, nu naekan tangkal jambe beunang ngabaluran ku gajih tea geus ngarangsĕk, sorodot deui ragrag, naek deui,sorodot deui. Kitu bae lila nakĕr. Sanggeus gajihna dina tangkal tea rurud, kakara nĕpi naekna ka luhur. Kahakanan nu digantung-gantungkeun di luhur dicokotan, dikandungan dina samping.

Geus beak kahakananana, tuluy nyorodotkeun maneh, atuh gampangeun pisan turunna teh, henteu kawas basa keur naek tea.

Sora hulu domba nu diadu tinggĕlĕduk malak rieut nu lalajo. Nu bogana ngabobotohan dombana.

Balap jajangkungan tingkĕdĕpuk nu lalabuh. Hadena bae euweuh nu cilaka.

Ogel, badud jeung buncis nurungtunggeus teu puguh dengekeunana.

Jĕlĕma-jĕlĕma nu lalajo ear-earan, saleuseurian rame pisan.

Kira-kira wanci bĕdug pamaenan tea geus eureun kabeh. Tatabuhan geus dibereskeun, jĕlĕma-jĕlĕma ngabrul baralik da pestana geus lĕkasan.

Pasosore ‘Pa Rusdi unjukan ka Juragan Camat istri pamĕgĕt, amitan rek mulang.

Lais edit

Karasmenan nu di alun-alun, kajaba nu geus disebutkeun tadi, aya sarupa deui, lais nu tacan dicaritakeun teh.

Di tengah alun-alun aja dua leunjeur gombong beunang nancĕbkeun. Laluhur pisan: congona ditalian ku tambang, tuluy talina dipantĕng kana congo nu hiji deui. Handapeun eta awi tatabeuhanana ngagĕmbrung, dogdogna, nurungtung jeung tarompet neretet. Teulila terekel aja jĕlĕma naekan gombong nu saleunjeur rangsod-rangsod nĕpikana congona nu ditalian ku tambang tea. Dina congo gombong tea gek manehna diuk bari awina dipĕlĕndong-pĕlĕndongkeun.

Lah, aja ku matak pikareuwaseun, Lamun nu kakara lalajo mah meureun sieun awina runtuh atawa peunggas. Lamun runtuh teh moal salah deui jĕlĕmana nu naek tea meureun rikĕs awakna tina sakitu luhurna.

Bari diuk dina congo gombong, ber manehna mukakeun payung, dipayung bari aleu-aleuan kakawihan jeung igĕl-igĕlan.

Rusdi jeung Misnĕm lalajona mololot bae teu ngiceup-ngiceup, tanggah ka lais tea. Bari muntang kana leungeun indungna. Ari bapana harita teu aja di dinja da kabagian tanggungan uruskeuneun di kacamatan.

“Euleuh itu!” ceuk Rusdi, “na kumaha moal ragrag eta jĕlĕma teh, na bĕt gagabah teuing. Hayoh! Bĕt njukang dina tambang tina congo gombong kana congo gombong nu hiji deui.”

“Enja bae,” tembal Misnĕm,”gagabah pisan eta jĕlĕma teh, teu sieun-sieuneun ragrag.”

“Ah, moal daekeun ragrag atuh,”tembal indungna, “da lais mah boga elmu monyet, Lamun teu make jampe mah tadi oge tangtu geus ragrag.”

“Naon, ĕma, jampe monyet?” ceuk Rusdi. “Heueuh”, tembal ĕmana, “geuning monjet mah, najan tataekan kumaha oge tara ragrag, da bogaeun jampe naek. Tah lais oge pang bisa kitu, make jampe monyet”

“Paingan atuh ari kitu mah”ceuk Rusdi. Bari ngomong kitu, matana Rusdi mah molotot bae, nenjokeun tingkahna eta lais tea. Tambangna diayun-ayun bari ngawih jeung ngigĕl barinangkarak.

Anu karageteun kana sapolah-polahna eta lais, lain Rusdi jeung Misnĕm bae. Tapi meh sakabeh nu lalajo, tingaredas, tingaraduh, heran ku pangabisana.

“Edas! Edas! ituh sila tutug dina tambang bari mĕsek kalapa jeung tuluy dibeulah,” ceuk nu lalajo.

“ah, sugan lain jĕlĕma eta mah,” ceuk nu saurang deui. “da jĕlĕma mah moal nĕpi ka kitu pangabisana.”

“Iih,” ceuk nu saurang deui. “piraku lain jĕlĕma mah, kapan itu sidik pisan huluna, awakna, leungeunna, teu beda ti urang.”

Anu lalajo tina sagala karasmenan meh kabeh karoempul kana lais bae, da tina ku sakitu anehna.

Ngan rada hanjakal ngalaisna teulila, da kaburoe dipiwarang ĕnggeusan.

nu lalajo tuluy marulang, tatabuhan jeung karasmenan-karasmenan geus dibereskeun, sabab menak-menakna geus marulih ka kacamatan.

Naha enja, barudak? Lais boga jampe monyet?

Rusdi jeung kolotna baralik edit

Susumpit edit

Rusdi dipangalakeun tamiang ku mang Somad panyawah bapana.

Tamiang alus naker mani lempeng jeung gede deuih, panyangna kira kira sadeupa kolot.

Rusdi nyieun paser tina awi sagede panggangan sate, tungtungna diseukeutan.

Rusdi tuluy ngabedel kasur nyokot kapukna keur nyieun paser.

Sumpit diajaran di buruan, tetela lepas pisan.

Paser mani nanceb dina tangkal cau nu jauhna aya kana duapuluh lengkah mah.

Keur kitu kadenge ma Rusdi gogorowokan ti pangkeng pedah kasur udulan.

Ma Rusdi nyangka pa Rusdi nu ngabedel kasur, tuluy nyokot iteuk neangan salakina.

Pa Rusdi nu keur nundutan na golodog ditakol sirahna ti tukang mani ngabeletak.

Lantaran teu rumasa, pa Rusdi males ngagebug ma Rusdi ku gagang pacul.

Ma Rusdi ngajolopong teu eling.

Ku Rusdi katempoeun ti luar.

Melaan indung tidituna mah, Rusdi nyumpit panon pa Rusdi nepi ka pecak.

Pa Lurah nu kabeneran ngaliwat sarta nempo riributan tuluy nyimpang.

Nempo pa Lurah datang, Rusdi pohara ambekna.

"Tah ieu Lurah bangkawarah teh" pikirna.

Pa Lurah tuluy disumpit kanjutna, pa Lurah ngagoak tuluy lumpat bari nyekelan palangkakan.

Tungtungna sagala disumpit, hayam, ucing, domba, maung kabeh euweuh nu ngari.

Urang lembur rabul daratang rek ngaraponan Rusdi nu kaedanan sumpit.

Rusdi ngalawan, aya kana duapuluh mah urang lembur nu maraot disumpit.

Tungtungna Rusdi ngajoprak dikoroyok urang lembur, maot sapada harita.

eng ing eng....

Tuluyna edit

Pa Rusdi balik ti sawah edit

Ka sawah edit

Subuh-subuh indung Rusdi geus sadia sakur bawaeun ka sawah. Geus rada beurang, anak-anakna diharudangkeun. Misnem geus hudang, ari Rusdi gasak-gisik keneh, kuliat jeung heuay.

Omong indungna : “Rek marilu sia ka sawah ? Hayoh geura harudang, tuh panonpoe geus bijil, ari sia harees keneh bae. Tah ieu teko bawa ku sia, Rusdi, ari eta kendi ku Misnem.”

Jung indung Rusdi indit ti imahna, diiringkeun ku anak-anakna jeung ku bujang-bujangna. Teu lila geus daratang ka saung sawah.

“Euleuh, geuning rea pisan nu dibaruat teh,” ceuk Rusdi. “Geura meunang deui oray sanca cara kamari.”

“Sukur ‘ge meunang hiji deui, ambeh hiji sewang jeung kami,” ceuk Misnem, “Hayu ah! urang marilu dibuat!”

„Wah! sia kawas bisa, Misnem.“

„Atuh rek diajar bae, kang Rusdi.“

„Tah etem sia, Di! Tah etem sia, Nem!“ ceuk indungna. Eta dua budak raresepeun naker dibuat bari karakawihan.

Pare beubeunangan dibuat geus ngagarunduk saturut-turut galeng, tuluy diarakutan ka saung.

Geus rada beurang, brak daladaharan.

Rusdi, Misnem ngariung, dadaharanana jeung indung bapana. Tas dadaharan, pek deui sagawe-gawena.

Pak Rusdi ngamandoran nu dibuat, ari emana ngurus pare nu di saung.

Barudak nu dua lalumpatan deui ka sawah, dialajar dibuat.

Barang geus rada burit, jelema nu darerep tea karunpul di saung. Ku indung bapa Rusdi tuluy dibagianan pare.

“Naha parena dibikeunan, bapa ?” cek Rusdi. “Atuh moal pinuh leuit urang.”

“Har ari si Ujang! Atuh moal daraekeun dibuat ari teu diburuhan mah.”

Sanggeus sarerea kabagian pare, jung arindit, tuluy baralik.

“Euleuh-euleuh, wani ngabrul itu! Ari geus dibere pare mah, bet baralik, nya bapa ?”

“Atuh puguh bae, Jang,” tembal bapana.

Pa Rusdi, indungna jeung bujang-bujangna tuluy meres-mereskeun pare beunang dibuat tea.

“Na enggeus dibuatna, bapa ?” ceuk Rusdi.

“Isukan deui,” tembal bapana.

Indung Rusdi entep-entep wawadahan, jung disuhun, ngiringkeun anak-anakna baralik ka lembur.

Rusdi gering edit

Geus cageur edit

Dilongok ku akina edit

Pasini edit

Mayor edit