Wb/su/Carios Dipati Ukur

< Wb‎ | su
Wb > su > Carios Dipati Ukur

Carita di handap ieu mangrupakeun salinan tina kaca Carios Dipati Ukur ti Wikisource basa Sunda.

Cariosan edit

Dina hiji waktu Dipati Ukur sumping ka nagarana, entas perang ti Batawi, ngalurug urang Nederlan. Ari nagarana Dipati Ukur, nyaeta nagara Batulayang di Bandung. Dipati Ukur sareng sabaladna sanggeus ngarurug Batawi sababaraha kali kadeseh-kadeseh bae sarta pirang-pirang karugian jeung ngongcaya pisan kana kakuatannana. Tuluy bae dina mimitina tahun 1630 ngajenengkeun maneh, sarta embung ngaula deui ka Susuhunan Kartasura. Ari nu jadi sabab, nyaeta tina geus seubeuh ngaulaan ka kawasana Susuhunan. Kadua, sieun dihukum pedah geus mabur tina pangperangan tea. Dipati Ukur tuluy mubus ka pagunungan jeung baladna kira-kira aya sarebu jalma dienclok-enclok, dipaturaykeun sagunduk-sagunduk lantaran lamun dikumpulkeun moal mahi baris tedaeunnana. Dipati Ukur ngajakan menak-menak atawa kapala-kapala Sunda nu sejen supaya nurutan anjeunna ngalawan ka Susuhunan, meungpeung Susuhunan ayeuna keur kakurangan balad jeung harta sabab kakara mentas perang jeung Batawi tea. Tapi karereanana menak-menak Sunda henteu kersaeun sanajan Susuhunan eukeur kacida rugina oge. Coba lamun harita sakabeh menak jeung kapala-kapala Sunda rempug sauyunan jeung Dipati Ukur bareng pada ngalawan ka Susuhunan, taksiran harita oge tanah Pasundan geus dilepas tina dierehna ku Jawa.

Tina pakia-kiana menak-menak jeung kapala Sunda, matak nyilakakeun ka nagara jeung ka jalma-jalma sarta eta sababna nu matak tanah pasundan nepi ka lima puluh tahun waktu harita masih keneh kawengku ku Susuhunan bae, Kakocapkeun Dipati Ukur jeung abdi-abdina geus mimiti nyawah jeung ngahuma di tempat panyumputan. Meunang beja yen Susuhunan keur miwarang deui ngumpulkeun deui baladna anu lobana aya opat puluh rebu di deukeut Kartasura buat nempuh Kota Batawi. Dipati Ukur risieun kacida ku karereanana jeung kasantosanana balad Jawa di Banyumas, di Cirebon jeung di sejen-sejen tempat. Tuluy ngutusan mawa surat ka raja Banten nyuhunkeun ditangtayungan sarta nyuhunkeun cicing di bawah tanah. Banten di mana bae sakersa Raja. Tapi Banten henteu kersaeun nulungan. Ti dinya, dina bulan Juli 1631 aya tilu utusan Dipati Ukur nu datang ka urang Nederlan di Batawi melas-melas panuhuna ka urang Nederlan nyuhunkeun widi asup ka Kota Batawi. Ku urang Nederlan diwidian sakumaha panuhun sarta janji Dipati Ukur, nyaeta rek ngalawan Susuhunan. Dipati Ukur jeung abdiabdina daek pindah cicing di pasisian Kota Batawi. Jaman harita masih leuweung keneh sarta tacan aya jalma nu cicing di dinya.

Samemeh indit ka Batawi, Dipati Ukur nyieun benteng nyantosaan tempat panyumputan di Gunung Lumbung bawahan Sukapura, Eta Gunung liwat saking lampingna. Sabot keur kitu di lurug ku prajurit Jawa piwarangan Susuhunan tea, Dipati Ukur sabaladna ngalawan sarta wani pisan sarta pirang-pirang prajurit Jawa nu paeh, katinggang batu nu diguling-gulingkeun ti luhur gunung ku balad Dipati Ukur. Tumenggung Narapaksa nu jadi kapala prajurit Jawa hanteu tahan ngalawan Dipati Ukur tuluy mundur mulih ka Sumedang. Ti dinya lila pisan Dipati Ukur hanteu geuwat asup ka Kota Batawi atawa ka pasisianana supaya meunang tulung ti urang Nederlan. Tayohna bae Dipati Ukur percaya teuing kana kakuatanana bentengna, rasa maneh geus kaluangan, urang Jawa hanteu bisaeun unggah ka Gunung Lumbung ngabedah kuta bentengna. Tahun 1632 Tumenggung Narapaksa manggih jalma nu apaleun di jalanna di eta gunung nyaeta asal urang Galuh ngaranna Sutapura. Manehna sanggupeun ngunggahan eta Gunung Lumbung sarta ngabeunangkeun Dipati Ukur. Geus kitu Sutapura indit naek ka luhur Gunung Lumbung. Ari datang ka luhur bol-bol ngamuk bae. Urang gunung balad Dipati Ukur teu kira-kira tagiwurna, reh henteu hujan henteu angin, ujug-ujug ger bae aya nu ngamuk. Tina karusuhanana hanteu tolih kana panjagaanana. Keur sabot kitu Tumenggung Narapaksa jeung baladna jol-jol naek bae ka gunung. Datang-datang tuluy bae perang campuh; pirang-pirang balad Dipati Ukur anu kasambut tina dibongohan. Dipati Ukur geus kaboyong jeung dua rebu baladna. Awewe-lalaki kolot-budak geus ditangkepan dibawa ka Kartasura. Sanggeus datang di Kartasura, Dipati Ukur tuluy ditugel sirahna; Demang Saung Catang dibungkus ku injuk, tuluy diduruk; Tumenggung Batulayang digodog; Ngabehi Yuda Kerta digantung dina lawang kaca-kaca pada ngeureutan dagingna ku sakur nu ngaliwat. Umbul-umbul Cihaur Mananggel, Medang Sasigar, Kuripan, jeung Umbul Sagalaherang ditutu dina lisung. Eta kabeh menak-menak nu milu ka Dipati Ukur. Demi awewe urang Sunda boyongan nu dibawa ka Kartasura, kabeh diteuleum-teuleumkeun nepi kapaeh. Ti dinya Susuhunan tuluy ngabagi-bagi deui tanah Priangan.

Aya tilu ngabehi Sunda nu ngabantuan numpes Dipati Ukur sarta ngaboyong jeung balad Jawa. Eta pada diganjar dijenengkeun kapala nagara Bandung, Parakanmuncang, jeung Sukapura sarta dipaparin pangkat Manteri Agung. Kajaba ti eta, tanah katut jelemana nu ngeusian. Ngabehi-ngabehi pada dipaparin ganjaran rupa-rupa barang nurutkeun adat jaman harita, kayaning hiji kuda, hiji keris, hiji raksukan pangeran jeung jaba ti eta. Jeung deui ti semet harita ku Susuhunan diwidian hanteu mancen atawa tugur atawa ngalakonan gawe ka sejen-sejen menak Mataram, jaba ti Susuhunan ku anjeun. Surat piageman eta ganjaran ayeuna aya keneh kieu unina, "Ieu piagem ti kami, Sultan Mataram, ka Ngabehi Wirawangsa, nu geus bela ka kami. Kami ngajenengkeun Tumenggung Wiradadaha jadi Manteri Agung di Sukapura, Tumenggung Wira Angun-angun jadi Mantri Agung di Bandung, Tumenggung Tanubaya di Parakanmuncang. Eta kabeh geus bela ka kami." Sultan lajeng ngadeg ngacungkeun pananganana tengen bari ngalahir, "Menang-menak kudu suka bungah, kudu pada surak tujuh kali nandakeun kabungahan sarta gamelan pada ditabeuh. Ari rupana ganjaran dalem sapangadeg panganggo pameran, hiji sarangka keris ratna kumambang, hiji keris sampana kinjen, hiji raksukan, hiji peti kaprabon, hiji lampit, hiji payung bawat, hiji kuda, jeung tilu ratus somah. Abdi-abdi dalem nu di kapalaan ku dua belas wadana jeung deui ku kami dilepas kawajibanana mancen atawa ngalakonan gawe di menak Mataram, sakumaha nu geus ditangtukeun dina bukuna saperti ka Panembahan Cirebon, Pangeran Kajoran, Pangeran Baliktar, Pangeran Madiun, Pangeran Surabaya, ka Patih Mataram nu opat, Tumenggung Wiraguna, Tumenggung Tanpa Sisingan, Tumenggung Salorna jeung Tumenggung Singaranu. Ieu Piagemna anu dicarios bieu:

Penget Serat Piagem hingsun, Sultan Mataram, kagaduh dening Ki Ngabehi Wirawongso, para Manteri maring ingsun. Sun jenengkeun Manteri Agung, Tumenggung Wiradadaha, Sukapura, Tumenggung Wira Angun-angun di Bandung, Tumenggung Tanubaya Parakanmuncang. Kang sami parasaya maring hingsun.

Angadeg Kangjeng Sultan hanggurawat asta kang tengen angandika "den pada suka wong agung sadaya, asurak pitung pangkatan (bi) sarta ang lilir hakeun gamelan, lan pasihan ratu kampuh holongsong ratna kamambang duhung sampana kinjan, lan raksukan lan kandaga lan lanteh lan payung bawat lan titihan sarta titiyang kaulaning ratu, wedana kalih welas desane, wong tiga atus den perdikaken dening wong Agung Mataram, kang kalebataken ing srat Panembahan Cirebon, Pangeran Kajoran, Pangeran Balitar, Pangeran Madiun, Panembahan Surabaya, Papatih Mataram sakawan, Tumenggung Wirangun, Tumenggung Tanpa Sisingan, lan Tumenggung Saloran, Tumenggung Singa Ratu." Tamat.

Tapi kadieukeunana Tumenggung Wira Angunangun sok sili gorengkeun jeung Dalem Banten, tangtuna dilepas duanana diganti kuturunan Timbanganten di Banten jeung di Bandung.

Rujukan edit

  • Ekadjati, E. 1982. Sejarah Limbangan dan Bandung I. kac. 45-8. Balai Pustaka, Jakarta.